Selasa, 08 Maret 2011

Kabersihan Lingkungan Sakola


Kabersihan Lingkungan Sakola
Assalamu’alaikum Wr.Wb.,
Bismillahirrahmanirrahim alhamdulillahirobbil’alamin puji syukur ka Allah SWT sarta solawat sareng salam mangga urang sami-sami sanggakeun ka Nabi urang sadayana nyaéta  kanjeng Nabi Muhammad SAW, margi anjeuna parantos masihan kanikmatan sareng kaséhatan, terutami nikmat iman jeung islam.
Para sadérek sadayana dina kasempatan ayeuna simkuring badé nguningakeun perkawis kabersihan . Ngajaga Kabersihan téh mangrupakeun tugas urang sadayana terutami umat islam, boh di rorompok atanapi di sakola. Sabab Allah teu resep kana jalmi anu jorok.
Lamun lingkungan sakola urang kotor, urang gé moal ngarasa nyaman diajarna sabab seueur kuman nu bisa nimbulkeun panyakit. Kukituna urang kedah ngajaga kabersihan lingkungan sakola di mimitaian ti hal anu gampil nyaéta miceun sampah ka tempatna, atanapi ngalaksanakeun pikét unggal dinten, sareng ngalaksanakeun JUMSIH (Jum’at Bersih) unggal jum’at supados miceun sayang reungit anu matak nimbulkeun DBD. Ogé,supados katinggal éndah gé urang kedah melak tatangkalan sangkan lingkungan sakola urang téh udarana janten seger.ku sakitu gé urang tos ngiring ngajaga kabersihan lingkungan sakola.
           Lamun lingkungan sakola urang bersih sareng udarana seger urang gé bakal nyaman tur betah, sareng sumanget diajarna. Maka pantes saur kanjeng Nabi Muhammad
Artina: kabesihan téh sabagian tina iman
          Tah kuayana kitu simkuring umajanh kasadaya réréncangan di sakola mangga urang sami-sami ngajagi kana kabersihan. Sangkan teu nimbulkeun macem-macem panyakit, akibat urang teu tiasa ngajaga kabersihan
Sakitu ti abdi, hapunten bisi aya kalepatan
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.,